adyjenaka.blogspot.com (3)

Mimpi Malam Jum’at

Orang Jawa dengan menggunakan bahasa sunda tetapi logatnya memakai bahasa Jawa bercerita kepada Orang Sunda tentang mimpinya di malam Jum’at.

Orang Jawa : “Mas abdi wengi ngimpen

Orang Sunda : “ngimpen naon mas?”

Orang Jawa : “Ngimpen bobo jeung nu geulis.”

Orang Sunda : “Kumaha dina jero impenannana?”

Orang Jawa : “Pokona endah pisan ngan pas abdi gugah nu geulis teh hento aya, pan abdi teh kesel ah abdi teh bobo deui we.”

Orang Jawa : “Eh ngimpen deui.”

Orang Sunda : “Bari kerung, ngimpen naon deui mas?”

Orang Jawa : “Ngimpen gaduh acis seueur pisan. Pas abdi gugah dicabakan dina pesak calana, acisna hento aya ah abdi teh kesel bobo deui we.”

Orang Jawa : “Eh abdi ngimpen deui”

Orang Sunda : “Ngimpen naon deui mas?”

Orang Jawa : “Ngimpen ee”

Orang Sunda : “Kumaha tah?”

Orang Jawa : “Pas abdi gugah, dicabak teh aya ee teh. Hahahahahahaha….”

 

 

TKI di Arab Saudi

kacaritakeun dihiji lembur aya hiji pamuda nu kakara balik jadi TKI di arab saudi, kabejakeun si eta pamuda teh mawa babawaan loba pisan keur oleh-oleh jang pamajikana dilembur, tayohna mah eta beja teh kadengeeun ku bangsat anu geus biasa ngaranjah eta lembur, panjang carita eta bangsat teh geus siap-siap erek ngajorag imah TKI tea engke peuting.

kacaritakeun eta bangsat teh geus ngadakom dina kenteng nunguan nu boga imah sare, sanggeus lila di tungguan nu boga imah teh can sare wae kadon hayeuh ngobrol terus sosonoan dapuguh geus lila tea teu panggih.

sibangsat geus teu kuat cangkeuleun nungguan bari ngadedengekeun nuboga imah, bari pok salakina ngomong ka pajikan na salakina: euh nyi meni liket asa ketan kieu. ceuk salakina…

pamajikan na seuri bari ngarangul… ngadenge kitu sibangsat anu geus lila nungguan beuki keuheul wae atuh, jrut manehna turun tina suhunan bari pok ngomong “oncoman we sakalian ajig….bari dirigdig lumpat si bangsat teh. teu kosi lila eta bangsat teh balik deui bari ” jedak…najong bilik manehna ngomong deui dasar ulen siah… dirigdig deui we eta sibangsat teh lumpat

 

 

Budak Boloho

Si Encep budak kelas opat SD keur gundem catur jeung bapana.

Encep : “Pa, Encep enjing bade ulangan Matematika. Pami Encep kenging peunteun 10, bapa bade masihan naon ka Encep?”
Bapa : “Bapa bade masihan duit saratus rebu..!”
Encep : “Alim ah saratus rebu mah, sarebu wae nya, Pa?”
Bapa : “Naha, Cep?”
Encep : “Saratus rebu mah cape ngetangna..”

 

 

 

Ngawulang Di SD

Aya saurang ibu-ibu tumpak angkot, tina dandanana mah siga guru SD eta teh, diuk na angkot di hareup gigireun supir. Bari ngadagoan angkotna pinuh, supir tuluy nanya ka ibu-ibu eta.
Supir : “Dupi ibu ngawulang di SD?”
Bu Guru : “Muhun”
Supir : “Ngawulang Seni…?”
Bu Guru : “Sanes”
Supir : “Agami…?”
Bu Guru : “Sanes…”
Supir : “Ngawulang naon atuh..?”
Bu Guru : “Ngawulang Bahasi….!”
Supir : “Ooo…hh..!” Ceuk supir bari nincak gas.

 

 

Anak Anjing

Ibro : “Naha Din lain Anjing teh haram ceuk urang Islam mah…”

Udin : “Ya iya laaah….na kunaon pake nanya kitu..?”

Ibro : “Tapi geuning pak haji jeung bu haji di kampung dewek mah ngaringu anakna, diusapan, dihuapan, komo nu masih leutik keneh mah malah sok sare bareng sagala…”

Udin : “Ah..!!! haji nanahaon nu kitu mah… dosa besar !!”

Ibro : “Maenya..?? kan nu diinguna ge anak pak haji keneh ..wew !!” bari lumpat

Udin : “??!!@#$”

Tukang Obat – Nyeri Sirah

Sebut wae ngarana Mang Ihin, tukang obat keliling, nu sok mangkal di hareupeun kantor pos. Jam dalapan manehna geus ngampar, manehna teh spesialisasina kana obat nyeri sirah tradisional, bari terus gogorowokan sangkan nu liwat katarik ku obat nyeri sirah “made in” manehna.

Mang Ihin terus noroweco, “Bapa-bapa, ibu-ibu, sareng saderek sadaya, mangga cobian ieu obat, dupi obat nu didagangkeun ku sim kuring taya lian ti obat nyeri sirah, obat nu cespleng.

Upami Bapa atawa ibu katerap panyawat nyeri sirah, cobian nuang ieu obat, moal samenit-menit acan eta panyawat nyeri sirah bakal ical, ieu memang terbukti obat nyeri sirah paling cespleng,” cek Mang Ihin teu siriknya nepi ka gogorowokan, ampir-ampiran beakeun sora.

Tapi saurang oge teu aya nu mirosea, nu liwat ukur ngareret wungkul. Malah nu liwat kalah katarik ku atraksi tukang obat kulit nu maenkeun oray kobra.

Geus leuwih ti tilu jam meureun Mang Ihin gogorowokan teh. Geus kasawang ku manehna moal aya jalma nu ngabandungan omongan manehna, Mang Ihin terus meresan daganganana. Memeh balik, manehna nyampeurkeun tukang dagang nu ngadon dagang di jero kios sisi jalan.

“Peryogi naon Mang?”, Ceuk nu dagang tina jero kios.

Mang Ihin, “Cik Jang, sugan aya procold, meser dua mah. Puguh rada nyeri sirah Emang teh, dagang ti isuk teu aya nu ngareret-reret acan” Ceuk Mang Ihin bari ngasongkeun duit lima rebuan salambar.

 

 

 

 

Kodok Bangkong

Mang Juned poe eta kadatangan tamu dulurna pak Kosim ti Jakarta, kabeneran manehna jeung pak Kosim boga budak saumuran kira-kira 5 taunan.

basa mang Juned keur ngobrol jeung pak Kosim di teras imah, anakna keur uplek maen koleci jeung anak pak Kosim. Keur anteng maen koleci, ujug-ujug gejlo weh aya bangkong luncat ka deukeut barudak nu keur maen koleci, atuh barudak teh rareuwaseun.

Anak mang Juned: “Ih, awas aya bangkong, aya bangkong”

Anak pak Kosim : “Idih, ada kodok, ada kodok”

Anak mang Juned: “Yeeh, tong di kodok, geuleuh”

Atuh mang Juned jeung pak Kosim nu ngadengekeun sing cakakak

 

 

 

Mihape Kuda

Kusir : “Jang, mihape kuda sakeudeung. Emang rek ka cai heula.”
Budak : “Ah alim, sieun nyongot.”
Kusir : “Moal, da ieu mah kudana oge bageur.”
Budak : “Sieun nyepak atuh.”
Kusir : “Tara deuih. Kuda bageur.”
Budak : “Moal ah, sieun kabur.”
Kusir : “Ih, Si Ujang mah. Moal kabur, moal. Ceuk Emang oge, kuda bageur.”
Budak : “Ari kitu mah, naha atuh miwarang di tungguan ku abdi?”

 

 

 

 

Maling Hayam Jeung Panganten

Awal carita mangsa peuting keur sepi jempling, aya maling keur ulak ilik ka katuhu jeung kenca, ngaler ngidul jeung ngulon, tuluy keteyep ngadekeutan ka hiji imah panggung, maklum dikampung mah masih keneh loba imah panggung, jeung biasana kolong imah teh sok dijieun kadang hayam, kandang entog, kandang kelenci, pokona mah kolong imah teh sok dijieun kandang ingonan anu manfaat keur kulawargana, multi level meureun nya ayeuna mah istilahna teh.

Tah simaling teh caritana rek maling hayam, rerencepan muka panto kandang bari jeung dugdag-degdeg da sieun kadengeeun kunu boga imah, barang keur muka panto kandang ngadenge aya sora awewe “kang….tos dibuka……”, simaling ngagerendeng na hatena “duh! nyahoeun aing muka panto”, simaling jempe sakeudeung, teu kungsi lila tuluy moncor sirahna ka kandang, ti imah kadenge deui sora awewe “duh kang tos lebet nya !!!” sorana rada tarik, simaling ngorejat bari kukulutus dina hatena “haram jadah! nyahoeun aing rek maling hayam !”, padahal nu dijero imah mah teu nyahoeun nanaon da puguh keur sosonoan, maklum masih pangantenan.

Isukna simaling jualan bonteng di pasar, kabeneran sipanganten oge indit kapasar, pas liwat ka tukang bonteng awewena nyarita ka salakina bari ngadilak ka tukang bonteng, pokna teh “kang siga nu wengi nya!”. maksudna kana bonteng, tapi Tukang bonteng ngageubeug hatena, rey…… beungeutna ngadadak beureum, tuluy hudang tina diukna, beretek lumpat tipoporose sieun ditewak, hatena baceo “duh bener-bener nyahoeun ka aing”. padahal si awewe mah ngomong kitu teh kanu boga salakina.

Cilegon, 8 Desember 2006
Kiriman ti Tsabit
Nu ngumbara di Cilegon – Banten

 

 

Ditilang Bapa Polisi

Waktu eta teh s �Bedul” ngangge motor bade ka kota pas di parapatan aya sora nu niup piriwit. Teu disangka nu niup piriwit teh ya eta polisi, si Bedul teuinang mokaha maneh na komplit make helem ieuh.

Langsung be maneh na eren. Terus yampeurkeun eta polisi nu ngaeureun keun manehna

Bedul: “Ku naon pa abi di eureun keun??”
Polisi: “Arek mariksa”
Bedul : “Mariksa naon ?? Da abi mah teu nyandak NARKOBA���..
Polisi: “lain eta maksud saya mah”
Bedul: “Atuh naon ? Lain eta mah make di pariksa sagala”
Polisi: “Ari SIM na mana ??”
Bedul: “Oh eta maha bi can gaduh pa!”

Kacaritakeun s Bedul di tilang be ku polisi. Hiji mansa s bedul mawa motor deuio ngaliwat parapatan deui. Si Bedul teu reuwaseun da mokaha maneh na ayeuna mah bogaeun SIM

Langsung maneh na eureun

Bedul: “Aya naon deui pa ??? SIM aya …. motor komplit Naon deui pa?”

Polisi: “maneh teu pakai helem… Kapaksa ku saya maneh di tilang…”

Poe isuk na Si Bedul leumpang alias jalan jalan sorangan. Pas kabeuneuran papanggih jeung polisi nu sok. Biasa nilang maneh na.Celetuk sibedul nanya ka eta polisi

Bedul: “Pa? Ku naon abi teu dipariksa ku bapa? SIM aya helem di angge”

Polisi: “Maneh na teu mawa motorrrrrrrrrrrra???”

Bedul: “Ohhh euya ya… geuning aing bolohoy!”

Si Bedul ngaleos eraeun bari maneh na neunggeulan sirah sorangan…

 

About akbar

Kehidupan berlalu dengan mudah seakan-akan perjalanan dalam hidup ini terasa begitu menyenangkan. itulah sandiwara, susah dan senang, bahagia dan menderita, suka dan duka berlalu dengan perasaan yang peka terhadap rasa. tetap tersenyum demi kebahagian orang lain walaupun itu tidak jauh lebih indah dari tersenyum buat kebahagian sendiri. kegagalanku merupakan kesuksesan yang tertunda.. sampai jumpa 5 tahun lagi..!!!

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: